Monday, December 10, 2007

Kuring Balik Ti Lembur

Poe kamari....Kuring Balik Ti Lembur di Pagerageung, Tasikmalaya. Ngalongok uwa jeun bibi nu kabejakeun gering parna. Uwa gaduh panyawat jantung jeung geus sabaraha kali dirawat di rumah sakit....Bibi mah gering kanker rahim anu geus nyaliara jeung teu bisa ingkah tina tempat sarena. Kuring ngan bisa ngadu'a supaya arajeunnana daramang sabihara sabihari bari masihkeun sumbangan sakadarna......

Salian ti eta simkuring ka Tasik ningali sapi keur Qurban tahun ayeuna nu biasana dipeuncit di Pagerageung. Minangkamah rek amal bari ngaraketkeun silaturahmi jeun dulur anu jarang tuang daging sapi.....Alhamdullah meunangkeun sapi anu mulus tur cocok boh dina harga jeun pangawakannana....

Balikna teu poho meuli Daging Hayam Mang Adang di Ciawi jeung Sop Cokor Sapi di Malangbong karesep barudak di imah. Ari keu permaisuri adi pangmeulikeun Lauk Nila Bumbu Cobek karesepna...

Cag...sakitu dongeng Kuring Balik Ti Lembur...Hapunten nu kasuhun bilih Undak Usukna kirang merenah........


No comments: