Thursday, January 24, 2008

Geus Lila Teu Naek Sapedah

Geus Lila Teu Naek Sapedah.....Kakara tadi peuting nyobaan ngaboseh deui ti Sekretariat B2W Indonesia di Wijaya-I tepi ka tempat kos kuring di Benhil. Ngareunah oge geuningan.....Tadi mah aya rarasaan kagok....ngan saanggeus sabaraha bosehan jadi biasa we....


Sapedah nu dipake ku kuring nyaeta kaluaran Polygon edisi B2W Indonesia nu dipasang (baca: asembling) ku Kang Wahjoe & Wahyu anu turun tangan langsung.....Hatur nuhun Kang.

Keur kuring mah leuwih ti cukup da geus dilengkepan per (baca: suspensi) dihareup. Oge aya gir anu cukup lengkep, can dicobaan da "gaptek tea.... Poe ieu, rencana sim kuring rek nyoba ka Plaza Senayan sakalian maen Bowling.....



No comments: