Tuesday, March 11, 2008

Nyuhunkeun Pidua'na: Pun Anak Dirawat di Rumah Sakit

Assalammulaikum WR WB.

Nyuhunkeun Pidua'na kasadayana, Pun Anak Riris Dirawat di Rumah Sakit di Bandung kumargi keuna panyawat Tipes (Tiphoid) ti dinten Sabtu (08 Mar 08). Sigana mah kacapean salami ngudag elmu di sakola sareng di rorompok kumargi kedah diajar wengi pisan.....utamina bade mayunan ujian SMP ayeuna

Ieu teh kadua kalina, Riris keuna panyawat anu sami dina ping 27 Januari 2007......Ku kituna manawi aya wargi aya resep afdol supados pun anak ningkat daya tahan salirana... Teu kinten bingahna upami para wargi tiasa ngadu'a kanggo kasehatan pun anak Riris......

Hatur nuhun anu kasuhun.......

Salam baktos abdi sakulawargi
Djadja Achmad Sardjana

No comments: